Peuting ieu enung
Peuting nu Urang
Sepi jempling taya suara hariring
Matak hariwang
Alam endah di sanding bulan purnama
Bulan purnama
Simpe jempe
Matak betah ngumbara di pawenangan
Di pawenangan
Peuting eta enung
Kuring kapahung
Sasar lampah heunteu puguh
Nu dijug jug hilang tujuan
Natar ngidul milang imah
Ngitung lembur
Nyileuk ka tukang
Malik ngaler mapay tapak
Jong anjog ka degong kosong
Nu poek mongkleng
Peuting nu urang harita datang
Ukur nembongan reup sakiceup geus euweuh
Peuting nu urang peuting impian
Inditna bareng Jeung datang na cahaya
Tidak ada komentar:
Posting Komentar