Pages - Menu

Sabtu, 07 April 2012

Pupuh Sinom 

harta pada nareangan
harti pada nyararungsi
sabab duanana guna
 harti bisa mere bukti
harta pon kitu deui
bisa ngabul nu di maksud
neudunan sakahayang
tapi harta gancang leungit
mungguh harti mangfaat dunya akherat

Tandak Panambih 

harta pada nareangan
harti pada narambahan
harta harti sarua guna
pada bisa mere bukti
bisa hasil sapaneja
sok nyumponan cita-cita
harta harti sok mangfaat
dapon di raksa taliti

Pupuh asmarandana

aya nu limpuh musafir
bari sila sisi jalan
kadupak ku anu lolong
bari eukeur balangsiar
neangan sandang pangan
anu lolong gebut labuh
nu kadupak katindihan

tandak panambih 

nu lolong teu bisa ningal
nu lumpuh teu bisa leumpang
mun pareng pada barengal
antukna pabedang bedang




Tidak ada komentar:

Posting Komentar